Suling Koneng (@suling_koneng) 's Twitter Profile
Suling Koneng

@suling_koneng

{»»Ngahiji omat jadi,,ngarungkun kudu rukun,,ngarambat tetep nyobat,,tandang tong poho kandang,,runtut raut sauyunan««}

ID: 2483196084

calendar_today08-05-2014 05:02:46

2,2K Tweet

3,3K Followers

85 Following

Suling Koneng (@suling_koneng) 's Twitter Profile Photo

Cuang cieung kamari kantun katineung, ngaherang mapaykeun lamunan,gening diri kur jadi kekembangan,masieup endahna patamanan#SK

Suling Koneng (@suling_koneng) 's Twitter Profile Photo

Tos lain sakali,langit ceudeum pihujan eun ngeyembeng hideng,,lain kakara hujan ngagarajag,nyesakeun cilencang palid nepika sagara#SK

Suling Koneng (@suling_koneng) 's Twitter Profile Photo

Deudeuh teuing,kawih ati ka asih mingkin peurih,,Imut nu kiruh gambaran rasa ngangluh,,tega gening katresna ukur jadi carita#SK

Suling Koneng (@suling_koneng) 's Twitter Profile Photo

Salah lengkah ngadon kasasar dipangumbaraan,,wayahna diri wayahna,,nu dipelak kiwari sing kapetik hasilna,,nu dihanca estu tapak carita#SK

Suling Koneng (@suling_koneng) 's Twitter Profile Photo

Isukan nungguan najan ukur sugan,Jaga gera ppag sabab dunya masih lega, najan lengkah heret ku ugeran,lain hartina diri kdu sadrah narima#SK

Suling Koneng (@suling_koneng) 's Twitter Profile Photo

Deudeuh kembang tanjung disisi pasir lungkawing tarahal ku babatuan,hamo aya anu nyorang,hamo aya nu ngarumat senggah nu ngadeuketan#SK

Suling Koneng (@suling_koneng) 's Twitter Profile Photo

Kembang tanjung bangun alum koneas pias taya gurat kaendahan,taya sari kahirupan,,kembang tanjung panineungan,,nineung ku diri sorangan#SK